Rabu, 17 November 2010

OBAT NO 7

kacaritakeun di jaman baheula aya dua orang cina nyobat dalit pisan, usaha babarengan ngajualan takokak di pasar banjaran....ngan hanjakal dagang geus mangtaun taun teh can aya hasil. tungtungna mah si acong jeung si ben lii badami rek enggeusan dagang nyoba-nyoba jadi tabib.

harita si benli kacida pisan payuna, pasenna ngantri pisan, tapi si acong mah boro-boro aya pasen sapoe hiji, saminggu hiji ge can tangtu, si acong jadi nasteung hayang manggihan si ben lii, pas rek nepi ka tempat praktekna ngajeblag plang di imah si ben lii anu ngajadikeun si ben lii payu " TABIB BEN LII - MENGOBATI BERBAGAI MACAM PENYAKIT-APABILA TIDAK SEMBUH MAKA UANG AKAN DIKEMBALIKAN 200%". ninggali plang kitu si acong mikir rek ngagawean si ben lii ngarah manehna boga duit.

ACONG   : punten..!!!
BEN LII    : mangga, aya naon cong tara-tara tisasari nganjang..??
ACONG   : nyeta urang teh keur gering, letah teh asa baal, teu bisa ngarasakeun amis, pait atawa haseum..
BEN LII   : wah gampang atuh, tapi hargana mahal 200 rebu tapi bisa langsung cageur.!!!
ACONG  : mun teu langsung cageur kumaha..???
BEN LII  : tnang wae, duit dibalikeun 2 X lipet.
ACONG : nya sok lah kadieukeun obatna.(si acong geus mikir bakal boga untung yeuh sabab da manehna mah teu gering...) harita ben lii ngagorowok ka anak buahna pelayan pang nyokotkeun obat no 7....harita keneh obat di bikeun ka si acong ceuk si ben lii kudu didahar ayeuna ngarah langsung karasa khasiatna. harita keneh si acong ngahuapkeun obat ti si benlii. tapi karek ge ngahuap ku si acong geus di utahkeun deui bari ngomong....
ACONG  : puih...obat naon ieu meni pait kieu asa tikotok medok digaringkeun....
BEN LII   : brarti geus cageur atuh cong,?..gning eta geus karasa pait..?
Si acong teu bisa nananon, geuwat mayar 200 rebu bari ngaleos jiga nu ambek.......kacaritakeun geus saminggu lilana si acong ti kajadian nuang tikotok teh, harita manehna geus boga akal deui sakan si benlii bisa katipu kumanehna...si acong datang deui ka imah si benlii.
ACONG   : punten..!!!
BEN LII    : mangga, aya naon cong .??
ACONG   : nyeta urang teh keur gering,jigana mah amnesia, teu inget naon nu geus dipilampah, boro-boroning pilampahan saminggu dua minggu katukang, dalah tadi isuk geus dahar atawa encan ge poho, asa pikun pisan.
BEN LII   : wah gampang atuh, etamah panyakit amnesia. tapi harga obatna mahal sajuta tapi bisa langsung cageur.!!! (si acong geus mikir bakal boga untung yeuh duitna bakal jadi 2 juta...) harita ben lii ngagorowok ka anak buahna pelayan pang nyokotkeun obat no 7....   
ACONG  : ah embung benlii da aing ge nyaho obat no 7 mah tikotok medok digaringkeun..pait pisan basa eta ge.
BEN LII  : hahahaha...berarti maneh geus cageur teu amnesia deui, gning inget keneh obat no 7 th tikotok medok digaringkeun. kadieukeun duitna sajuta. si acong ngulapes sabab duitna beak.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar