Jumat, 26 November 2010

pray

Wayang golek- bobodoran bag.2

SEMAR GUGAT/MENGGUGAT 08

BI EMBAN PANGALAMAN DI SAUDI ARABIA~01

* # C E P O T # * ~ 03

* # C E P O T # * ~ 02

* # C E P O T # * ~ 01

Arab Drift

Fast and Furious Pakistan Drift- Tokyo Drift 2

Gila Mat Rempit Arab

arab gila

arab vs cop

arab vs cop

STREET RACING ARAB GOBLOK

Video Lucu Si Orang Arab_4.flv

Video Lucu Si Orang Arab 5

Video Lucu Orang Arab 2_2.flv

Rabu, 17 November 2010

OBAT NO 7

kacaritakeun di jaman baheula aya dua orang cina nyobat dalit pisan, usaha babarengan ngajualan takokak di pasar banjaran....ngan hanjakal dagang geus mangtaun taun teh can aya hasil. tungtungna mah si acong jeung si ben lii badami rek enggeusan dagang nyoba-nyoba jadi tabib.

harita si benli kacida pisan payuna, pasenna ngantri pisan, tapi si acong mah boro-boro aya pasen sapoe hiji, saminggu hiji ge can tangtu, si acong jadi nasteung hayang manggihan si ben lii, pas rek nepi ka tempat praktekna ngajeblag plang di imah si ben lii anu ngajadikeun si ben lii payu " TABIB BEN LII - MENGOBATI BERBAGAI MACAM PENYAKIT-APABILA TIDAK SEMBUH MAKA UANG AKAN DIKEMBALIKAN 200%". ninggali plang kitu si acong mikir rek ngagawean si ben lii ngarah manehna boga duit.

ACONG   : punten..!!!
BEN LII    : mangga, aya naon cong tara-tara tisasari nganjang..??
ACONG   : nyeta urang teh keur gering, letah teh asa baal, teu bisa ngarasakeun amis, pait atawa haseum..
BEN LII   : wah gampang atuh, tapi hargana mahal 200 rebu tapi bisa langsung cageur.!!!
ACONG  : mun teu langsung cageur kumaha..???
BEN LII  : tnang wae, duit dibalikeun 2 X lipet.
ACONG : nya sok lah kadieukeun obatna.(si acong geus mikir bakal boga untung yeuh sabab da manehna mah teu gering...) harita ben lii ngagorowok ka anak buahna pelayan pang nyokotkeun obat no 7....harita keneh obat di bikeun ka si acong ceuk si ben lii kudu didahar ayeuna ngarah langsung karasa khasiatna. harita keneh si acong ngahuapkeun obat ti si benlii. tapi karek ge ngahuap ku si acong geus di utahkeun deui bari ngomong....
ACONG  : puih...obat naon ieu meni pait kieu asa tikotok medok digaringkeun....
BEN LII   : brarti geus cageur atuh cong,?..gning eta geus karasa pait..?
Si acong teu bisa nananon, geuwat mayar 200 rebu bari ngaleos jiga nu ambek.......kacaritakeun geus saminggu lilana si acong ti kajadian nuang tikotok teh, harita manehna geus boga akal deui sakan si benlii bisa katipu kumanehna...si acong datang deui ka imah si benlii.
ACONG   : punten..!!!
BEN LII    : mangga, aya naon cong .??
ACONG   : nyeta urang teh keur gering,jigana mah amnesia, teu inget naon nu geus dipilampah, boro-boroning pilampahan saminggu dua minggu katukang, dalah tadi isuk geus dahar atawa encan ge poho, asa pikun pisan.
BEN LII   : wah gampang atuh, etamah panyakit amnesia. tapi harga obatna mahal sajuta tapi bisa langsung cageur.!!! (si acong geus mikir bakal boga untung yeuh duitna bakal jadi 2 juta...) harita ben lii ngagorowok ka anak buahna pelayan pang nyokotkeun obat no 7....   
ACONG  : ah embung benlii da aing ge nyaho obat no 7 mah tikotok medok digaringkeun..pait pisan basa eta ge.
BEN LII  : hahahaha...berarti maneh geus cageur teu amnesia deui, gning inget keneh obat no 7 th tikotok medok digaringkeun. kadieukeun duitna sajuta. si acong ngulapes sabab duitna beak.

PALAKIAH NGARAH SALINGKUH TEU KAPANGGIH KU PAMAJIKAN

kanggo anu osok selingkh, komo anu masih keneh pemla simkuring bade ngabagi sababaraha palakiah supados salingkuh teu kapanggih ku pamajikan :
  1. Ulah nyobi-nyobi nyimpen poto salingkuhan urang dina tarang, margi pami pasangrok jeung pamajikan pasti langsung katinggali. pami tiasa mah simpena dina lhureun para atawa dina loket tatangga anu ca ka pamajikan urang.
  2. Lamun urang rek lalajo film ka bioskop jeung salingkuhan, ulah coba-coba bari ngajak adi beuteng atawa dahuan, da nu pasti bakal bebeja ka pamajikan.
  3. Lamun rek difoto jeung salingkuhan paduduaan ulah difotona ku mitoha urang, lamun kekeuh euweuh sasaha nu daekeun moto urang duaan jeung salingkuhan teu nanaon di foto ku mitoha oge ngan dijamin.......bakal di podaran.
  4. Lamun urang geus manggihan salingkuhan omat ulah silih tukeur baju, ulah pedah alesan keur kenang-kenangan komo deui silih tukeur baju jero mah dijamin lucu jeung bakal katohyan ku pamajikan, meureun disangka nu gelo ongkoh, maenya atuh lalaki mamake kutang.
  5. kudu milih salingkuhan anu bener, maksudna lamun lalaki kudu milih salingkuhan awewe, ulah milih lalaki deui kecuali baraya tos teu normal
  6. Lamun nganjang ka salingkuhan naek motor terus urang asup angin, menta dikerok ku salingkuhan ngerokna biasa wae manjang vertikal jeung horisontal, ulah nyobi-nyobi dikerok make huruf...komo make tulisanna dedeh atawa neni ngajeblag dina tonggong mah matak cilaka 12.

NANA KANANGA vs DADANG BARNA

Jang nana anak kananga mangprang sama kawannya mang anda. lantaran manahna ngarakacak lantaran atasana kang badar aya maksad hayang ngajaga nagara, ngan hanjakal aya lawan mangngprang ngarana dadang barna. kang nana ngagarawak ka anda....

jang nana : naha anda atasan aya kahayang kalah lalangkarakan na ranjang.?
mang anda : apan saya na can baranghakan nana...masa malam ngan ngahakan martabak..!!!
jang nana : jangan banyak alasan...!!! hayang padaharan badag mah hakan tah dadang barna..!!
mang anda : hahay nana marah-marah, masa saya ngahakan dadang barna.?
jang nana : pan dadang barna mah jalma bangkawarah, kagak apa-apa hakan saja.!
jang nana katara rarayna marah, ngan kalacat mangkat kana kandaraan....maksadnamah hayang nganjang ka dadang barna, pas mapay jalan banjaran kasawang aya dadang barna mamawa parawan, asa  bagja jang nana lantas nana ngagantawang ka dadang barna....

Jang nana  : kamana dadang...?
dadang barna : ah kamana saja...naha nanyana marah-marah nana...???
jang nana : dasar anak bangkawarah...jangan macam-macam ya..masa ngawarah warga mamawa harta banda ngarah kahayang akang laksana. can ngasaan gada jang nana nya..?
dadang barna : saha..??? da akang mah kagak...
jang nana : bapana garwa akang apan pak barna. ngawawar ka warga sangkan sayang ka akang dadang barna masa kapala nagara ngawarah yang kagak-kagak.
dadang barna : pan ngarah kahayang saya laksana....

ngan hanjakal pas dadang barna ngawakwak jang nana narajang kalawan sangar, dadang barna ngalangkarak taya tangan pangawasa paragat nyawa....jag ah baham calawak matak lapar nya....??? hahahaha....